Selasa, 20 Maret 2012

"SANDI SILIWANGI"

Lain kula teu nyoara ka Balarea
Lain kula teu miara ka Ki Sunda
Lain kula teu nyiar ka Salira
Lain kula teu mirosea ka Nagara
Lain kula teu walakaya dina Mangsa
Lain kula teu nyatria di medan laga
Lain kula teu nyaah kanu lara
Lain kula teu mercaya kanu kumawula
Lain kula teu bisa mawa balad pakeun jaya

Tapi,
Sandi Sunda kudu nincak dina wayah
Nurut Mangsa sinembah pinasti nu Kawasa
Sabab Jaya lain udagan
Sabab Meunang lain kahayang
Silih Wawangi Kaparamartaan
Walatra papada Manusa Sunda
Lain Sunda sarubak jamang
Sunda sadu santa budi
Sunda Sandi Siliwangi
Sunda Sabuwana
Suci Sabuwana, ngadeg jagat Kamanusan

"GN-Ika kartika Caka Sunda"