Rabu, 23 Maret 2011

Panggeuing Pakeun Elite Pejabat Jabar

Akhir-akhir ieu polemik perbedaan persepsi kayakinan masarakat di masarakat Jawa Kulon nyaeta di wewengkon tatar Sunda rada aheng. kadang sok aya kajadian nu dianggap anarkis, intimidatif jeung inskonstitusional. Samalah aya kesan eta kalakuan kitu teh teu saeutik ngabalukarkeun potensi konplik boh anu sifatna "horizontal" jeung "vertikal". Ayana kawijakan pamarentahan di Jawa Barat boh tingkat provinsi atawa kabupaten anu pasalia jeung konstitusi Nasional, UUD 1945.

Ayana campur tangan pihak polisi boh militer anu kadang siga nu teu paham kana kondisi budaya masarakat Sunda anu pengkuh turta mibanda niley kaakur-rukunan dina perbedaan, teu saeutik ngabalukarkeun "seolah" ngarojong kana kawijakan-kawijakan pemda anu mengpar tina konsitusi bangsa Indonesia.

Masarakat Jawa Kulon, rahayat tatar Sunda, samemeh kabentuk pamarentahan kanagaraan kaasup provinsial tur distrik/kabupaten, geus ngawengku tatanan niley anu wijaksana dina nutaskeun sakur masalah sosial kalayan "herang caina beunang laukna". Lantaran para elite rahayat tatar Sunda harita tangtuna pageuh dina tetekon dasa pasanta katut parigeuingna. Teu saeutik mangsa bihari loba Pupuhu Elite Sunda anu "landung kandungan laer aisan" samemeh mutuskeun hiji perkara/masalah. Timbang-tinimbangan anu jero tur lantip pikir jembar manah eta teh dilantarankeun ulah aya balukar nu teu hade, utamana anu ngarugikeun masarakat/rahayat leutik.

Jadi kahareup, wayahna urang sakabeh rahayat tatar sunda, jawa kulon/jawa kulwan, kudu asak-asak nya ngejo dina milih pipamingpineun di Jawa Barat, ulah kabebenjokeun ku rupa, wandana, sok komo ku pangkat/status sosialna, sok komo parteyna, tapi leuwih poko ningali kumaha "laku lampahna, ules watekna, pola pikirna, jeung kapaduliana ka rahayatna nu teu pandang bulu, teu wiwilahan tapi ngauban, mayungan tur ngajaga katengtreman sakumna rahayatna. Utamana deui jaga, urang bisa boga pamingpin Ki Sunda teh anu enya-enya nanjeurkeun ajen inajen kamanusaan, kabangsaan, tur kayakinan kana kaagungan Nu Maha Murba ing Alam jagat sagemblengna.

Ayeuna jaman keur pahibut, nu mimiti pahibut ribut ti dapur, laju salembur, laju sanagara, sabab kalakuan "budak buncireung" hartina jalma-jalma elite anu korupsi, teu cukup jeung tara boga rasa "sukur" kanu Kagungan Cipta, Gusti Nu Maha Tunggal.
Jaman "SANGAR"..loba jalma nu "owah ku kayakinana"..loba jalma "owah ku harta bandana"..loba jalma "owah ku pangkat darajatna"...loba jalma "owah ku katurunanana/kamenakanana"..jeung sajabana.

Cenah, baris aya nu nyapih ku "budak angon" anu imahna di birit leuwi, pantona batu satangtung, ngangona ngangon kalakay jeung sajabana..jeung sajabana..Aya nu medar, eta teh ngandung harti yen "budak angon" teh lain sasaha, tapi saha bae anu bisa bener-bener jejem panceg pengkuh tur tigin dina kajembaran manah ngadegkeun jagat kamanusan, hartosna oge eta "budak agon" teh nyaeta manusa anu berperikamanusaan, anu bener-bener tekad-ucap katut lampahna sagaris, teu mengpar tina tetekon ajen inajen kamanusaan, teu boga sipat pasipatan sirik, pidik, munapek, jail, kaniaya, koret, anarkis, adigung adiguna, jeung pasipatan goreng sejena. aya teu nu kitu ayeuna? cuuung..ngacung !!!

Memang dina jaman "SANGAR" ataua "SAGALA SANGAR" ayeuna bisa kasebut jaman "EDAN loba nu GARELO".."gelo ku awewe, gelo ku harta banda, gelo ku pangkat, gelo ku darajat, gelo ku terah teureuh, gelo ku jabatan, gelo ku pamuji, jeung gelo-gelo liana...majar cenah mun urang teu milu "gelo" justru uarng teh nu kaasup "jalma gelo", kukituna teu saeutik kalobaan jalma kaasup pamingpin nagara urang loba nu milu "GARELO" da embung disebut "jalma gelo eta". Tah ieu nu kasebut " ikut arus nepi ka kabawa arus".

Ayeuna hese neangan pamingpin panutan urang Sunda anu bener-bener nangtung dina "BEBENERAN". Boh ti militerna, kaum rohaniwana, kaum politikusna, pajabat pamarentahana, jeung liana, sok komo para anggota (cenah) wakil rahayat mah (anggota dewan)..wawakil tapi leuwih beunghar batan anu ngawakilkeunana. Ti Presiden, Gubernur, bupati, walikota, camat, lurah/kades nepi ka RT/RW na aranglangka nu picontoeun nu bener, sok komo nu enya-enya ngabela ka rahayatna. Matak, ayeuna sigana geus wayahna "muntang ka sadagori" rahayat sakumna. Sabab, tatangkalan "pananggeuhan" mah geus beak ku hama nu geus "raregas" kari nungguan rungkadna ku jaman.

Boa enya, "budak angon teh" ayana dina "sadagori" eta. sanajan rahayat leutik asalna, tapi kuat dina "akar budaya bangsana, kuat dina adeg-adeg nu mandiri, tur kuat dina adeg-adeg ajen inajen kamanusaanana"..sinatria pilih tanding. sanajan 'sadagori' mah di handap, kaleyek, katincak, kakotoran, kahina samalah teu kapalire, tapi angger anteb "nanceb lemah, nanceb bumi pertiwi" nu ngandung maksud tetap "MIKANYAAH KA INDUNG NU NGANDUNG TUR INDUNG NU TEU NGAKANDUNG..BUMI PERTIWI SUNDA".
Sabab boga kasadaran, iwal ti manusa nu bakti indungna tur ngajen/hormat ka bapana (lemah cai jeung budayana) eta manusa geus boga kasadaran "kukuh pengkuh kana jangji" dikersakeun jadi hiji manusa nu ngabogaan cara jeung ciri bangsana", nu geus diguratkeun, dikudratkeun ku Hyang Cipta nu Ngersakeun.

Malsu budayana, lasut hirupna..malsu kamanusaanana, kasasar lampahna, malsu kabangsana, hianat kapribadiana...malsu ka rahayatna, sangsara batina dunya aheratna..malsu ka alam jeung lemah caina, marakayangan arwah akhirna...muga geura urang babarengan "hudang miajen deui kana jatidiri kabangsaanana."

Muga jaga, rentul-rentul kembang harepan Ki Sunda sing jaradi Sinatria tru Pamingpin rahayat nu sajati...dipicinta jeung micinta ka rahayat sakumna...


kontributor(C)I_Indrawardana

Maret, 24, 2011. Jatinangor

Tidak ada komentar: