Kamis, 08 Januari 2009

PALABUAN RATU

Wayah sareupna sumiliwir angin sagara

Ngagupay mangsa mulang carita

Srangenge teuleum ngeueumkeun diri

Kasampak mega cekas rineka

Sisi basisir lambak paudag-udag

Gumuruh sagara maturan rasa

Bentang kumelip ngiceupan nu ngalanglang

Matapan di waruga jati

Lambak makplak sajajar ngagelar

Pabalap nambagan karang

Nu pageuh nanceb nurus bumi

Makuan wates sagara jeung patapan

Wening ati buleud harepan

Deuk mikukuh talatah nu katunda

Dina raga waruga nagara

Dina rasa wiwaha manusa Sunda

Najan nyawang kumalangkang mangsana jaga

Najan miang taya nu nanya kamana

Najan hariwang gumawang na tandang

Laratan baris disorang jeung dilanglang

Wayahna nu anggang kasorang

Kaceluk ku tutur karuhun

Ngajugjug ka palabuan ratu

Nu dumuk Hyang rumuhun nu agung

Muga muka lawang saketeng

Muga megar wanda nu anyar

Dibarung guruh galura sagara

Diwasuh ku lambak Ratu

Muga lumungsur raja tangtu

Ngawaris wangsit pitutur laku

Ahung Arum Guntur Madu

Ahung Ratu Agung Tangtu Buwana

Ahung Prebu Jagat Sagara

Ahung Hyang Prebu Siliwangi

Rahyang Kujang Kajene

Samudra Beach Hotel, 22 Januari 2008

2 komentar:

Bajurombeng mengatakan...

aih endah tur jero kang .. sippp
salan kenal ti abdi

Pengelana Buana Budaya mengatakan...

hatur nuhun....salam tepang oge..